DONGENG

  1. Perkara Dongeng

Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Memang aya oge anu kesan pamohalanana teh teu karasa, nyaeta dongeng-dongeng anu nyaritakeun kahirupan sapopoe saperti dongeng-dongeng si kabayan.

Contona nyaeta :

1. Dongeng “Sakadang kuya jeung sakadang monyet”

2. Dongeng “Sasakala tangkuban parahu”

3. Dongeng “Sasakala maung panjalu”

Isi dongeng umumna ngandung atikan moral.

Dogeng teh karya balarea, hartina tara kanyahoan saha anu ngarangna. Sumberna sacara lisan, dongeng di dongengkeun deui. Munasababna upama aya hiji dongeng mibanda rupa-rupa versi teh.

  1. Papasingan Dongeng

Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan nyaeta :

    1. Dongeng Sasakala (Legenda)

Dongeng sasakala (legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan.

Contona dongeng :

a. Sasakala Situ bagendit

b. Sasakala gunung tangkuban parahu

c. Sasakala talaga warna

d. Sasakala maung panjalu

e. Sasakala uncal tandukan

f. Sasakala pare

    1. Dongeng Babad (Sage)

Anu dimaksud dongeng (sage) teh nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Contona :

a. Dongeng kean santang

b. Dongeng seh abdul muhyi

c. Dongeng prabu siliwangi

d. Dongeng dipati imbana gara

e. Dongeng sunan penana di puntang

    1. Dongeng Sasatoan (fabel)

Dongeng Sasatoan (fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona :

a. Sakadang kuya jeung sakadang monyet

b. Sakadang peucang

    1. Dongeng Jelema Biasa

Dongeng kahirupan jalma biasa (parabel) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Conto anu paling kamashur dina sastra sunda nyaeta dongeng-dongeng sikabayan.

    1. Dongeng Para Nabi/Wali
    2. Dongeng Pieunteungeun
    3. Dongeng Pamuk

0 komentar:

Posting Komentar

isi komentar anda yang sopan dan jujur ya!!!!

BM
krelzz