Teluh

Jaman kuring ololeho, nyaeta jaman keur leutik basa can aya listrik-listrik acan, kitu tea caangna peuting teh ngandelkeun cempor atawa damar, mun isuk-isuk hudang teh irung ramehong ku pucuk damar. Pon kitu deui diburuan imah atawa di jalan, caangna peuting teh ngandelkeun caangna purnama.
Datangna Bulan Mulud keur urang kampung ditempat kuring dumuk mah, mangrupakeun bulan anu teu dipikaharep, bulan anu dipikasieun komo ku budak ololeho jiga kuring mah. Enya eta oge mimitina sieun ku datangna Bulan Mulud teh disingsieunan kunu karolot, ceunah di Bulan Mulud mah loba teluh, werejit, ganggaong, oge loba nu nyegik neangan wadal. “yeuh sujang geuwat ngarampih geus sareupna, bisi aya sandekala..!” tiap sareupna kolot teh ngabuburak barudak nu keur arulin di buruan ku kocap saperti kitu. dipikir-pikir asa mahiwal pisan kolot teh, dur bedug trong kohkol magrib teh barudak teh lain seug disuruh ka marasjid atawa ka tajug, ieu mah kalahka sina ngarampih ka imah masing-masing, hasilna di masjid jeung tajug teh eusina ku aki-aki jeung nini-nini, barudak teu apal hurup alip atawa ba.
Rebun-rebun kuring geus tanghi, bubuhan ti sore keneh geus dikeukeupan ku indung kuring, jigana seubeuh sare, hudang oge jadi nyubuh. Indung kuring mah geus keur mirunan api di hawu, ari bapak kuring mah keur maraban embe di tukangeun imah. Kuring ngadeukeutan indung kuring di hawu, maksud teh rek siduru bari rek ngabubuykeun boled nang kamari ngala ti kebon. “Ujang peupeujeuh mun di jalan nimu duit atawa dahareun, ulah dicokot atawa didahar” cek indung kuring Naha kunaon kitu mih…(mih singkatan tina emih, di kuningan mah nyebut ka indung teh emih benten sareng amih atawa mamih eta mah keur jalma nu jegud, ari emih mah geus lumrah dipake ku golekmah samodel kuring jeung emih kuring)
Urang lajengkeun deui, “Yeuh sujang mun manggih duit atawa dahareun di jalan eta teh cirining lain hak urang” cek si emih nyambung caritaan nu tadi. Naon kitu maksudna Mih lain hak urang teh? Tanya kuring. Enya maksudna eta mah milik batur atawa aya nu ngabogaan, jadi montong saceg-cegna. Anu kadua bisi aya jalma anu ngahaja aya niat dolim ka urang. Naon kitu maksudna mih? Cekeng nyela omongan si emih. Bisi jalma eta teh ngahaja keur neangan wadal, tah wadalna teh nyaeta sakur jalma anu nyokot duit atawa kadaharan anu lain hakna. Ihhhh…sieun atuhnya mih..cekeng bari ngabirigidig. Mangkana kahade ulah sacokot-cokotna ari lain hak urang mah, ari hayang duit atawa kadaharan mah kudu digawe heula sing suhud, diajar sing bener, sambung siemih mapagahan kuring.
Hiji mangsa di bulan mulud pas caang bulan opat welas kuring sabalad-balad keur aruulin diburuan, harita kuring arulin peperangan make sumpit, pelorna make buah reba, silih tiup sumpit mun beunang kana pipi teh matak peureus da harita mah teu aya kapaur buah reba nyeprot kana mata, nu aya resep bae, bari ting sulumput kadangkala ngadepong na rungkun ngintip musuh malaweung. Barang keur rame-ramena peperangan, ti beulah kaler aya awewe ngajerit bari ceurik ngabalilih jiga anu kanyenyerian, kuring sabalad-balad ting kurumuy kaluar tina rungkun panyumputan, “aya naon euy, sahanya?” Tanya si Taryo balad kuring “Jiga sora ceu Darti euy” hayu ah urang tingali..bari lalumpat kuring muru imah Ceu Darti anu teu jauh ti tempat kuring arulin. Barang nepi didinya tos ngagimbung jalma nu lalaki karolot keur maledogan cahaya anu ngagebur nyarakclakan dina tangkal rangdu. “Make bandring euy….sujang cokot bandring maneh kadieu..!!! cek Mang Daswa kuring gura-giru lumpat ka imah deuk nyokot bandring, paragi kuring ngabandringan buah batur. Bari huruhah-harehoh kuring ngasongkeun bandring ka Mang Daswa. Gura-giru Mang Darwa ngabandringan mahluk aneh anu mangrupakeun cahaya anu ngagebur warna-warni nu keur nagkod dina tangkal rangdu. Gelebur mahluk cahaya eta hiber ngajauhan imah Ceu Darti, entreup deui na tangkal jati di bubulak eurih. Terus di arudag bari ting corowok….teluh…..teluh…udag euy….!!!!
Tangkal jati anu dieuntreupan ku eta mahluk rada anggang ti jalan kampung moal kaduga mun seug ngabaledogkeun batu ka beulah dinya. Jadi ayeuna mah Mang Daswa anu sibuk ngabandringan mahluk eta, bari jeung teu beunang-beunang, mun teu gigir teung luhur teuing, atawa ngulapes ka handap. Kuring ngaharewos ka si Dahrun “Run maneh boga keneh berecon pan…jig cokot urang sundut” cekeng. “enya aya lima deui…ke urang cokot, wok anteur euy” cek si Dahrun menta dianteur ka si Dewok adina. Singket carita si Dahrun ngasongkeun berecon ka kuring. Terus kuring ngajauhan nu keur ngabandringan mahluk werejit eta,nyalingker kana handapeun tangkal kalapa sisi jalan, cekres-cekres paneker kukuring dinyalakeun terus nyundut deles berecon…beretek kuring lumpat ngahiji deui jeung batur….teu sabot lila berecon disada beledug…..!!!! jalma anu aya didinya ngagarebeg reuwas, ngan kuring sabalad-balad wungkul nu teu reuwas mah, katut mahluk werejit oge jigana reuwaseun da ngageleber hiber kaluhur…terus nyirorot ka handap les ngaleungit. “Saha euy nu nabeuh berecon?” Tanya Mang Daswa bari culang-cileung. Kuring sabalad-balad rarepeh bari terus ting laleos indit ka imah ceu Darti. Lol kuring asup ka jero terus nanya ka babaturan kuring nu aya di imah ceu Darti “Saha nu rek diteluh teh Man? “eta budak ceu Darti nu leutik tuh geura tingali geus bariru kitu” jawab si Rukmana bari nunjuk ka tengah imah. Da enya wae neng Siti budakna Ceu Darti keur di rariung di tengah imah bari digugulung ku indungna, beungeutna pias, dada katut beuheungna bariru.
Sabot keur ngarariung Neng Siti, jol pak Ustad dongkap, “Assalamu’alaikum….” Pak ustad uluksalam. Wa’alaikumsallam …mangga kalebet pak Ustad. “Bapak-bapak ibu-ibu tos tong digugulung dirariung kitu eta Neng Siti hawatos, sok anggur mah candak cai herang sagelas kadieu…. Song cai herang dipasihkeun ka Pak Ustad….gerenyem pak ustad ngado’a terus ditiup-tiupkeun kana cai na geulas. Sok inumkeun ka Neng Siti….terus sisana usapkeun kana beungeutna.
Bapak-Bapak Ibu-ibu sok urang ngaraji Yassin…urang du’akeun Neng Siti sing didamangkeun deui sabihara-bihari, dijauhkeun tina pancabahya, dijauhkeun tina gangguan syetan oge jin tur jalma anu dholim.
Beres ngaraji Yassin, pak Ustad nyalukan Mang Daswa….”Mang Daswa kadieu sakeudap”
Mang..upami ngungudag teluh nukitu tong diburu atawa di baledogan cahayana, udag atawa teangan jalma nu aya handapeun eta cahaya. Da ari cahaya etamah mung siloka eta mah syetan, ngan kahade mun seug katewak jalmana tong dirogahala..urang elingan wae. Sok ayeunamah balubar da tos teu aya nanaon ayeuna mah. Mangga atuh ceu darti Assalamu’alaikum……

0 komentar:

Posting Komentar

isi komentar anda yang sopan dan jujur ya!!!!

BM
krelzz