paribasa




1. Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih
2. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan
3. Aya cucuk ngagantung ngaregang bubuay, ka luhur henteu sirungan ka handap henteu akaran

Kalimah diluhur teh kaasup kana paribasa. Paribasa teh kaasup kana basa pakeman, kalimahna geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun. Saupama ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa diluhur teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaeta paribasa wawaran luang, paribasa pangjurung lampah hade, jeung paribasa panyaram lampah salah.
Geura tengetan maksud nu kakandung dina paribasa di luhur. “Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih”, maksudna meunang kabagjaan atawa kabungah. “Caang bulan opat welas, jalan gede saapuan”, maksudna beresih hate, ihlas. “Aya cucuk ngagantung ngaregang bubuay, ka luhur henteu sirungan ka handap henteu akaran”, maksudna ngunek-ngunek, goring hate ka batur.
Dumasar kana eusi nu kakandungna :
- Paribasa no. (1) Kaasup kana wawaran luang
- Paribasa no. (2) Kaasup kana wawaran pangjurung lampah hade
- Paribasa no. (3) Kaasup kana wawaran pangjurung lampah salah

Tah sakitu sakilas tina istilah paribasa teh tapi bilih aya nu teu uninga masalah paribasa jeung jenis-jenisna dina situs ieu bade dijelaskeun arti arti paribasa jeung conto-contona.
Diluhur tos dijelaskeun yen paribasa teh yaeta basa pakeman anu kalimahna geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun.

Paribasa wawaran luang teh eusina ngebrehkeun pangalaman atawa hiji hal nu dianggap geus lumrah dina kahirupan masyarakat sarta jadi bahan babandingan pikeun urang. Contona :
a. Kakurung ku iga, hartina kabiasaan atawa tabeat goring anu hese dipiceunna.
b. Dipiamis buah gintung, hartina dipisobat ari pek bet nyilakakeun.
c. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat, hartina yen indung bapa teh sumberna kamulyaan nu jadi anak.

Paribasa Panjurung lampah hade eusina netelakeun hiji hal anu ku urang kudu dipigawe, mangrupa papatah atawa nasehat. Contona :
a. Elmu tungtut dunya siar sukan-sukan sakadangna, hartina teangan elmu jeung harta banda keur pibekeleun, sarta kudu hirup basajan.
b. Kudu nete taraje nincak hambalan, hartina kudu puguh tahapanana lamun urang rek migawe hiji pagawean.
c. Kudu ngukur ka kujur nimbang ka awak, hartina kudu bisa ngaluyukeun jeung kaayaan, tong maksakeun.

Paribasa panyaram lampah salah eusina mangrupa cegahan sangkan urang teu milampah hiji pagawean nu teu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur, nu dipalar hirup urang salamet. Contona
a. Pelenkung bekas nyalahan, hartina mimiti alus, tapi saterusna goring
b. Mihape hayam ka heulang, hartina teu boga wiwaha, nitipkeun barang atawa harta banda ka jalma nu teu jujur
c. Ulah unggah memeh tandukan, hartina ulah ngaheulakeun heula legeg (roroyalan), padahal can boga panghasilan.




Klik Disini Untuk Menuju Halaman Utama
Komunitas orang-orang terpelajar dan pintar

0 komentar:

Posting Komentar

isi komentar anda yang sopan dan jujur ya!!!!

BM
krelzz