KECAP SEREPAN TINA BASA INGGRIS
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 9 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
Paguneman
Paguneman (percakapan) nyaeta kagiatan nyarita dua arah (dialog).
Paguneman biasana dilakukeun ku dua urang bisa oge leuwih.
Paguneman mah beda jeung wawancara. Ari wawancara mah, enya oge duaan,
tapi saurang gawena ukur nanya jeung nu saurang deui ukur ngajawab.
Dina paguneman, urang kudu merhatikeun jeung saha urang ngobrol teh,
naha ka saluhureun, ka sasama atawa ka sahandapeun.
Pasti kudu aya bedana ngobrol ka saluhureun atawa ngobrol ka sahandapeun.
Mun ka saluhureun, Kudu bisa ngagunakeun basa ragam hormat.
Beda deui ari ka sasama mah urang teh bisa ngagunakeun basa nu biasa.
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 2 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
kalimah langsung
Kalimah langsung nyaeta kalimah nu diucapkeun langsung ku nunyaritana.
Ciri ciri kalimah langsung :
- aya kekenteng "....." /atawa nu biasa disebut tanda petik.
- kalimah langsung aya tanda koma
- dimimitian ku aksara gede
- kalimah langsung dipungkas ku tanda, titik, koma, panyaeluk/seru (!).
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
carpon
Carpon nyaeta carita rekaan anu mere kesan lir enya enya kajadian.
Ciri-ciri carpon :
- caritana pondok
- palakuna saeutik
- waktu macana rata-rata setengah jam
- 2000-10.000 kekecapanana
- maksimal 10 lembar
- nyaritakeun kahirupan sapopoe
unsur-unsur carpon :
- tema
- alur
- palaku
- latar
- amanat
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
Gaya basa
Gaya basa dina basa sunda dibagi kana sababaraha bagian nyaeta :
1. Gaya basa sindir (Alegori)
gaya basa sindir nyaeta gaya basa nu mangrupa omongan anu dibalibirkeun / teu togmol / pikeun manis basa sangkan teu nerap teuing kanu ngadengena.
Conto :
a. Paingan betah gawe di tempat nu baseuh mah
b. Pantes rek digebrus oge da maneh ninggali wae kaluhur.
2. Gaya basa raguman (sinekdok)
gaya basa raguman dibagi 2 nyaeta :
a. Totemproparte nyaeta gaya basa nu nyaritakeun sagemblengna / sakabehna tapi nu dimaksudna sawareh. Conto :
- Barudak SMP Negeri 3 Soreang keur olahraga
- Dibandung keur di jieun jalan raya
b. Persprototo nyaeta gaya basa raguman anu nyaritakeun sawareh padahal nu dimaksud kabeh. Conto :
- kamana nya si Andi teh mani teu katinggali irung-irungna acan
- bororaah dahar jeung daging teu jeung hulu-huluna acan.
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
wawacan
Wawacan nyaeta carita anu ditulis dina wangun pupuh. Caritana panjang. Basa dina wawacan mah make basa ugeran, sabab kabeungkeut ku aturan pupuh tea.
Wawacan anu kasohor nyaeta wawacan purnama alam karangan R. Suria direja jeung wawacan rengganis karangan H. Abu ssalam (tarjamahan tina basa jawa)
conto judul wawacan nu sejen.
1. Wawacan rangga wulung, surianingrat, amir hamzah, nabi yusuf (anonim, teu disebutkeun pangarangna).
Jeung sajabana
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
Sisindiran
Harti Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngadung harti omongan atawa caritaan anu cannibalistic, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.
Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.
Conto sisindiran:
Aya roda dina tanjakan,
katinggang ku pungpang jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
aya listrik dimasigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kamana-mana
PAPARIKAN
Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.
Contona paparikan:
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
Ø Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
Ø Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
Ø Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:
Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
Sapanjang jalan
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.
RARAKITAN
Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi.
Ø Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Contona:
Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.
Ø Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.
Ø Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:
Sing getol nginum jamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Ø Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.
WAWANGSALAN
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)
di terbitkan oleh Anonim 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
Kecap serepan tina basa arab
Dina pangajaran basa sunda aya sababaraha kecap anu dibawa tina basa deungeun. Naon ari basa deungeun teh?
Basa deungeun nyaeta basa nu lain tina basa asli urang salaku bangsa indonesia. Indonesia boga bahasa nu resmi nyaeta basa indonesia tea, kitu oge jeung bangsa sejenna maranehna ge boga basana sorangan.
Urang salaku pamuda indonesia, khususna urang sunda pastina ge tos uninga yen basa sunda teh basa indung. Ari indonesia mah basa nasional.
Eh…. Di dieu sanes bade ngajelaskeun naon ari basa teh tapi ….
Di dieu bakal di jelaskeun kecap sunda anu kecap asalna tina basa arab.
Titenan conto ieu di handap
Pa Yanto nuju dikir di masjid.
Lamun di tingal conto kalimah nu luhur, aya kecap anu asalna tina basa arab, nyaeta dikir, jeung masjid.
Tong salah kecap dikir di luhur teh asal kecapna dzikir ngan disunda ditulis wae dikir. Rarasaan basa asli sorangan padahal eta kecap asalna tina basa arab. Tah eta teh disebut kecap serepan tina basa arab.
Loba pisan kecap-kecap anu asalna tina basa arab diantarana nyaeta:
Solat = Sholat
Dikir = Dzikir
Korsi = Kursiyun
Waktos=waktu
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
DONGENG
- Perkara Dongeng
Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Memang aya oge anu kesan pamohalanana teh teu karasa, nyaeta dongeng-dongeng anu nyaritakeun kahirupan sapopoe saperti dongeng-dongeng si kabayan.
Contona nyaeta :
1. Dongeng “Sakadang kuya jeung sakadang monyet”
2. Dongeng “Sasakala tangkuban parahu”
3. Dongeng “Sasakala maung panjalu”
Isi dongeng umumna ngandung atikan moral.
Dogeng teh karya balarea, hartina
- Papasingan Dongeng
Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan nyaeta :
- Dongeng Sasakala (Legenda)
Dongeng sasakala (legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan.
Contona dongeng :
a. Sasakala Situ bagendit
b. Sasakala gunung tangkuban parahu
c. Sasakala talaga warna
d. Sasakala maung panjalu
e. Sasakala uncal tandukan
f. Sasakala pare
- Dongeng Babad (Sage)
Anu dimaksud dongeng (sage) teh nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Contona :
a. Dongeng kean santang
b. Dongeng seh abdul muhyi
c. Dongeng prabu siliwangi
d. Dongeng dipati imbana gara
e. Dongeng sunan penana di puntang
- Dongeng Sasatoan (fabel)
Dongeng Sasatoan (fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona :
a. Sakadang kuya jeung sakadang monyet
b. Sakadang peucang
- Dongeng Jelema Biasa
Dongeng kahirupan jalma biasa (parabel) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Conto anu paling kamashur dina sastra sunda nyaeta dongeng-dongeng sikabayan.
- Dongeng Para Nabi/Wali
- Dongeng Pieunteungeun
- Dongeng Pamuk
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
Nulis laporan
geus hiji kawajiban sakur palaksana kagiatan, satutasna ngalaksanakeun kagiatan kudu nyieun laporan. utamana kanu mere tugas atawa kapercayaan. presiden tina ahir masa jabatanna, wajib ngalaporkeun naon bae nu geus di pigawena, kaasup hasilna, enggoning ngus nagara jeung rahayat.
upama hideup rek nyieun laporan jeung kagiatan nu geus dilaksanakeun, kudu nohonan pasaratan diantarana
1. laporan kudu jelas, sabisa bisa sing ringkes
2. laporan kudu jujur, ulah aya nu dijieun jieun
3. usahakeun sing sistematis, supaya gampang mariksana
4. keur nguatan laporan, utamana nu aya patalina jeung duit, barengkeun bukti-bukti nu di anggap penting
5. ulah poho bubuka jeung nutup laporan, ngagunakeun kalimah-kalimah nu bisa nambahan kapercayaan
6. sanajan rek ditepikeun langsung sacara lisan, tetep kudu dikonsep jeung ditulis heula.
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
paribasa
1. Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih
2. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan
3. Aya cucuk ngagantung ngaregang bubuay, ka luhur henteu sirungan ka handap henteu akaran
Kalimah diluhur teh kaasup kana paribasa. Paribasa teh kaasup kana basa pakeman, kalimahna geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun. Saupama ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa diluhur teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaeta paribasa wawaran luang, paribasa pangjurung lampah hade, jeung paribasa panyaram lampah salah.
Geura tengetan maksud nu kakandung dina paribasa di luhur. “Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih”, maksudna meunang kabagjaan atawa kabungah. “Caang bulan opat welas, jalan gede saapuan”, maksudna beresih hate, ihlas. “Aya cucuk ngagantung ngaregang bubuay, ka luhur henteu sirungan ka handap henteu akaran”, maksudna ngunek-ngunek, goring hate ka batur.
Dumasar kana eusi nu kakandungna :
- Paribasa no. (1) Kaasup kana wawaran luang
- Paribasa no. (2) Kaasup kana wawaran pangjurung lampah hade
- Paribasa no. (3) Kaasup kana wawaran pangjurung lampah salah
Tah sakitu sakilas tina istilah paribasa teh tapi bilih aya nu teu uninga masalah paribasa jeung jenis-jenisna dina situs ieu bade dijelaskeun arti arti paribasa jeung conto-contona.
Diluhur tos dijelaskeun yen paribasa teh yaeta basa pakeman anu kalimahna geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun.
Paribasa wawaran luang teh eusina ngebrehkeun pangalaman atawa hiji hal nu dianggap geus lumrah dina kahirupan masyarakat sarta jadi bahan babandingan pikeun urang. Contona :
a. Kakurung ku iga, hartina kabiasaan atawa tabeat goring anu hese dipiceunna.
b. Dipiamis buah gintung, hartina dipisobat ari pek bet nyilakakeun.
c. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat, hartina yen indung bapa teh sumberna kamulyaan nu jadi anak.
Paribasa Panjurung lampah hade eusina netelakeun hiji hal anu ku urang kudu dipigawe, mangrupa papatah atawa nasehat. Contona :
a. Elmu tungtut dunya siar sukan-sukan sakadangna, hartina teangan elmu jeung harta banda keur pibekeleun, sarta kudu hirup basajan.
b. Kudu nete taraje nincak hambalan, hartina kudu puguh tahapanana lamun urang rek migawe hiji pagawean.
c. Kudu ngukur ka kujur nimbang ka awak, hartina kudu bisa ngaluyukeun jeung kaayaan, tong maksakeun.
Paribasa panyaram lampah salah eusina mangrupa cegahan sangkan urang teu milampah hiji pagawean nu teu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur, nu dipalar hirup urang salamet. Contona
a. Pelenkung bekas nyalahan, hartina mimiti alus, tapi saterusna goring
b. Mihape hayam ka heulang, hartina teu boga wiwaha, nitipkeun barang atawa harta banda ka jalma nu teu jujur
c. Ulah unggah memeh tandukan, hartina ulah ngaheulakeun heula legeg (roroyalan), padahal can boga panghasilan.
Klik Disini Untuk Menuju Halaman Utama
Komunitas orang-orang terpelajar dan pintar
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
BEWARA
Bewara nyaeta embaran, wawaran / pengumuman nyaeta hal-hal penting anu perlu ditepikeun kabalarea / masyarakat, di pamarentahan atawa pausahaan aya nu disebut bagian hubungan masyarakat (HUMAS) / Public relation (PR) anu tugasna the nyaeta pikeun nyusun rupa-rupa bewara. Salian ti eta, lembaga ka presidenan oge aya nu disebut jubir (juru Bicara) tugasna nyusun rupa-rupa bewara. Salian ti eta, aya oge tokoh lengser anu tugasna teh pikeun ngabewarakeun parentah raja ka masyarakat balarea.
SARAT NULIS BEWARA
1. Topik nu bade di umumkeun / di bewarakeun nyaeta urang teh kedah nyanggem / ngartos
2. Ka saha ditujukeunana
3. Basa nu merenah sareng di pikahartos
4. Basana jelas, sopan, singket
5. Nepikeun bewarana kedah bedas, lafal, lentong / nada nyarita nyaeta kudu disaluyukeun sareng eusi bewara.
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
KAWIH, TEMBANG, KAKAWIHAN, JEUNG SISINDIRAN
- Kawih
Kawih nyaeta lalaguan sunda anu bebas/ teu kauger/ teu kaiket ku aturan.
- Tembang
Tembang nyaeta lalaguan sunda anu kauger ku guru lagu sareng guru wilangan.
- Guru lagu
Guru lagu nyaeta jumlah vokal ahir dina jumlah padalisan
- Guru wilangan
Guru wilangan nyaeta jumlah engang
- Kakawihan
Kakawihan nyaeta kawih nu osok di haleuangkeun ku barudak leutik mun keur arulin
- Sisindiran
Sisindiran nyaeta lagu patembal-tembal
di terbitkan oleh taufiq sutyarahman 0 komentar
Label: Bahasa Daerah Sunda
